“Teu
meunang emam lele jeng kulur “
Dicaritaken jaman
bahela aya hiji kampung anu namina kampung babakan nu ayana di beulah wetan nu asupna
ka desa cigadung. Eta lemburteh kaasup lembur anu endah ku tutuwuhan jeung
kahirupan nana anu sauyunan.
Di eta lemburteh aya riwayat salah saurang kokolot atawa bapa lurah anu ngaduhan
istri dua, dina hiji poe bapa lurah kermacul di sawah, istri-istrina sibuk
masak didapur jeng nganteran si bapa kasawah.
Dicartaken
dua istriteh bring marangkat nganteran katingalina mani alakur pisan. Sangges datang
kasawah, pa lurah disauran,,,dipiwarang tuang,..pas bade tuang cainateh teu aya
kakantun di rompok. Bapa lurah cumarios mana caina ema?....ceuk nusepuh
ngajawab...aduh kakantun panginten da teu aya...gening bapa! saur nu
anom...sawios bapa abdi bade uih heula ka rompok bade ngabantun cai....jung
baeh indit si istri anu anom teh angkat..
Bapa lurah ngawidian,
nanging nu diantosteh te dongkap-dongkap malihanmah bapa lurah bade tuang oge
te janten margina ngantos-ngantos anu nuju uih nagbantun cai tea....
Margina salempang istri
anu sepuhteh pamit bade nyusul anu nuju uih,,,,sajajalan ngagerendeng manahna,,,,ari
si ayi kamana lila –lila teuing,,,,,,di satengahing jalan anu nuju ka rompok
reg ngarandeng eta si istriteh payunenana tangkal kulur anu handapen nana aya
balong anu sakitu agengna,,,,
Bari rarat reret luak
liek,,,,ningali kana balong,,,,,jiga nu kaget margina ningali lauk lele mani
sakitu seer na nuju ngaguguyeung anu ngambang tapi jiga aya rambutan,,,,,,eta
istri palurah anu sepuhteh mani tengicep-ngicep jiga nu kasima ku lele anu
sakitu seerna,,,,teu sawatara lila istri bapa lurah teh uih dei bari lulumpatan
nyalukan bapa lurah,,,bapa-bapa kadie sakedap...
Tembal pa lurah,,aya
naon ema mani matak rarewas,,,,,saur istrina itu diditu di balong handapen
tangkal kukur seer pisan lele enggal tingali....panangan pa lurah digigintak
tesirikna di sered,,,,,bral dua nana marangkat gura giru,,,nuju ka eta
balong,,,,
Sangges anjog ka balong
bapa lurah lungsur maksadna bade ningali anu nuju digulung kulele jiga anu aya
rambutan,,,,,na ari diangkatteh sing horeng timana horeng istrina anu anom
jiganamah gebis tigurubag kana eta balong....da pas diangkateh tos
ngantunten,,,,,
Bapa lurah te tiasa dei
nahan diri bari ngagorowok...nyai-nyai naha kunaon dugika tiasa sapertos
kie.....(dina ieu carita istri anu anomteh tos tekatulungan ngantunten dina
balong handapen tangkal kulur tadi)
Didinya bapa lurah susumbar bakat ku kanyerian manah
dikantun kunu jadi istri,,,anjena nyarios bari tutunjuk kana tangkal kulur jeng
lele,,,,sakabeh katuruna urang babakan dimana wae ayana ulah aya nu ngaemam
kulur jeng lele.....lamun aya nungarumpak matak aya mamalana,,,mun te budug
awakna,,,,hirupna moal maju.....tah dugi kadanget ayena katurunan urang
babakanmah te memnang ngaeMam kulur jeng lele.....(carita dikutip jeng direka tina carita tugas budak sakola nu diketik ku simkuring)
Abdi ti babakan yeuh, janten aya carita versi nu sanes, budak alit cenah nu maotna.
BalasHapus