Dina hiji waktu kuring datang ka hiji tempat,,,
dimana eta tempateh sepi
ngansaukur di papaes ku turaes
jeng sabangsani sasatoan nu disarada....
angin ting sareor mapang sora sasatoan nu racet disarada..........
sanggeus anjog reg kuring ngajanteng bari ulak-ilik kasabudeureun nana.....
dina jero hate kuring ngagerentes,,ieu meureun imahna
nuhareupen kuring sabab jigana anyar keneh karek di bangun....
gog cinggogo kuring bari uluk salam....
ASSALAMUALAIKUM.....A*** K****....
dina sajeroning hate kuring nyarita.....
deudeh teuing anjen ges cunduk kana waktu ninggang kana
mangsa,,,anjeng balik dei kaasall....
timana urang datang kamana urang balik.....
ternyata harta loba, imah mewah, mobil mentereng, emas rencem, duit ngayah gening kuanjen te
dibawa balik...
ngan saukur baju bodas sahelay jeung te dikaput-kaput acan
geuning nu ku anjen dipake,,,parfung nu
salila dipake ganti ku parfum bau nyong-nyong gening.....
hampura-hampura kuring,,,tacan bisa ngahampura ka
anjeng,,,kusabab anjen telat tobat, telat sadar padahal gusti alloh ges mere
tetengger kaanjen naha ajen hente sadar.......meren kuanjen karaos ayenamah
kumaha ajen nyeri perih jeng bingung
mere pertanggung jawaban ka malaikat anu nanya
menta pertanggung
jawaban ka anjen,,,,naon anu salila kuanjen dilakuken di
dunya,,,kasarakahan jeng kabobo tenjo ku dunya nu saukur titipan ti pangeran
(Gusti alloh),,nu dijadiken sombong, adigung jeng angkuh, jeng taya ras-rasan
kajen batur perih, kajen batur ripuh
kusabab hak na dirampas ku anjen,,anak yatim nu kuanjen kudu di senangken
ternyata ku anjen disia-siaken,,,
bahkan dinyenyeri hatena kuanjen.....hampura-hampura
kuring.....tacan bisa ngahampura....
ngansaukur waktu jeng mangsa nubakal datang iraha jeng
dimana kuring bakal ngahampura kaanjen...
cukup gusti alloh nu nyaho kumaha carita jeng esi hate
anjen jeng kuring salila aya di dunya....ayenamah anjen apal...naon
nusalila kuajen ditudingken kakuring,,’’’’naon nusalila ditibanken ku anjen ka
kuring....
kuring mere waktu
kaanjen ker mukaan naon naon carita anjen salila di dunya....
cing reret ku anjen kumaha bedana kaayaan anjen ayena jeng
bahela...pastina kuring oge sarua bakal jiga anjen balik ka alam anjen.....
imah nutadina agreng ayenamah nusakitu meredong poek oge
arengap....mobil mewah nu ngageleser gening balikmah keranda karatan nu mawa,
jabatan jeng kahormatan nu diagung-agung..gening di injek-injek ku tukang kebon, pan sakabeh
ti kasarakahan anjen tenulungan ngan saukur sesa amal-amal hade anjen nu
nulungan....dedeh-dedeh teing....
...ret kuring ngareret ka kenca kakatuhu,,,,langit poek
tandaning rek ges peting....
na ari sawatara menit...teing timana datangna,,,teing timana
asalna cungungung
anjing babaung,,,bumi
asa nagriyeg,,,angin naggelbug....,korejat kuring ngorejat hudang caritana pegat...singhoreng
timana horeng kuring NGIMPI.....
Tidak ada komentar:
Posting Komentar