Pages

Selasa, 19 November 2013

SILSILAH BABAKAN CIGADUNG KUNINGAN




“Teu meunang emam lele jeng kulur “
Dicaritaken jaman bahela aya hiji kampung anu namina kampung babakan nu ayana di beulah wetan nu asupna ka desa cigadung. Eta lemburteh kaasup lembur anu endah ku tutuwuhan jeung kahirupan nana anu sauyunan.
            Di eta lemburteh aya riwayat  salah saurang kokolot atawa bapa lurah anu ngaduhan istri dua, dina hiji poe bapa lurah kermacul di sawah, istri-istrina sibuk masak didapur jeng nganteran si bapa kasawah.
Dicartaken dua istriteh bring marangkat nganteran katingalina mani alakur pisan. Sangges datang kasawah, pa lurah disauran,,,dipiwarang tuang,..pas bade tuang cainateh teu aya kakantun di rompok. Bapa lurah cumarios mana caina ema?....ceuk nusepuh ngajawab...aduh kakantun panginten da teu aya...gening bapa! saur nu anom...sawios bapa abdi bade uih heula ka rompok bade ngabantun cai....jung baeh indit si istri anu anom teh angkat..
Bapa lurah ngawidian, nanging nu diantosteh te dongkap-dongkap malihanmah bapa lurah bade tuang oge te janten margina ngantos-ngantos anu nuju uih nagbantun cai tea....
Margina salempang istri anu sepuhteh pamit bade nyusul anu nuju uih,,,,sajajalan ngagerendeng manahna,,,,ari si ayi kamana lila –lila teuing,,,,,,di satengahing jalan anu nuju ka rompok reg ngarandeng eta si istriteh payunenana tangkal kulur anu handapen nana aya balong anu sakitu agengna,,,,
Bari rarat reret luak liek,,,,ningali kana balong,,,,,jiga nu kaget margina ningali lauk lele mani sakitu seer na nuju ngaguguyeung anu ngambang tapi jiga aya rambutan,,,,,,eta istri palurah anu sepuhteh mani tengicep-ngicep jiga nu kasima ku lele anu sakitu seerna,,,,teu sawatara lila istri bapa lurah teh uih dei bari lulumpatan nyalukan bapa lurah,,,bapa-bapa kadie sakedap...
Tembal pa lurah,,aya naon ema mani matak rarewas,,,,,saur istrina itu diditu di balong handapen tangkal kukur seer pisan lele enggal tingali....panangan pa lurah digigintak tesirikna di sered,,,,,bral dua nana marangkat gura giru,,,nuju ka eta balong,,,,
Sangges anjog ka balong bapa lurah lungsur maksadna bade ningali anu nuju digulung kulele jiga anu aya rambutan,,,,,na ari diangkatteh sing horeng timana horeng istrina anu anom jiganamah gebis tigurubag kana eta balong....da pas diangkateh tos ngantunten,,,,,
Bapa lurah te tiasa dei nahan diri bari ngagorowok...nyai-nyai naha kunaon dugika tiasa sapertos kie.....(dina ieu carita istri anu anomteh tos tekatulungan ngantunten dina balong handapen tangkal kulur tadi)
            Didinya bapa lurah susumbar bakat ku kanyerian manah dikantun kunu jadi istri,,,anjena nyarios bari tutunjuk kana tangkal kulur jeng lele,,,,sakabeh katuruna urang babakan dimana wae ayana ulah aya nu ngaemam kulur jeng lele.....lamun aya nungarumpak matak aya mamalana,,,mun te budug awakna,,,,hirupna moal maju.....tah dugi kadanget ayena katurunan urang babakanmah te memnang ngaeMam kulur jeng lele.....(carita dikutip jeng direka  tina carita tugas budak sakola nu diketik ku simkuring)

1 komentar:

  1. Abdi ti babakan yeuh, janten aya carita versi nu sanes, budak alit cenah nu maotna.

    BalasHapus